Sabtu, 07 Maret 2020

BEKEL HIRUP

Laku Lampah

Bismillah tuturus laku ning lampah

muru gapuraning rahayu berekah salamet

banjaran jatining bagja

Niti wanci nu mustari ,ningang mangsa nu sampurna

Niti nu pasti, luyu tur saestu,tetep galeuh lelembutan, di palar setraning rasa, dipamrih surtining ati, melaan ucap jeung lampah,katut patekadan, mangsana beubeunah, bumetah katut babakti .

Diri nu teu di uji,rasa nu teu dipirosea,laku lampah nu teu di pongah.
Dina papagon hirup manut lampahing laku, nyungkeman badan.

Ibadah sumerah ka Nu Maha Kawasa,

  

Pitutur para guru,papatah para ulama,pangeling para kiyai  rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan, jeng kamalinaan
Geura suprih ku pangarti, paruruh ku pangaweruh  sakumna elmu, geura eling kana purwadaksi emut kana tuturus laku, urang teh asal timana?

Balik bakal kamana,…….?

Ayeuna cicing dimana,….?

Lenyepan sing taliti .
Larapkeun na sanubari, disarengan kulampahna.

Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate,tilik deui eta diri
Dimana ayeuna ngancik?

Tekadkeun sing enya-enya pikeun sakabeh laku lampahna, bisi goreng balukarna,napsu nu matak kaduhung,awak nukatempuhan,tina atikan atanapi tina didikan nu munggaran, kasasar nya lampah,pajauh nya laku, jeung buntu dina laku, yakin dina pamadegan,tanjeurkeun beubeuneran sangkan meunang kabagjaan.,dunia  rawuh akherat